DRgrtea

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

Minggu, 26 Maret 2023

Saha Alloh? Robbul 'Alamin

Saha Alloh? Robbul 'Aalamin

Alloh anu ngurus sadaya 'alam.

Naon ari 'Aalam? kullu maa siwaahu

'Aalam, sagala rupa perkara salian ti Alloh.

=====

Jamadaat (abiotik)

Hayawanaat (biotik - makhluk hidup: manusia & binatang)

Nabataat (biotik - tumbuhan)

=====

'Aalam, sagala perkara anu salian ti Alloh.
Sagala rupa salian ti Alloh eta makhluk anu ciptakeun.
Diciptakeun ku Alloh SWT.
kayaning:
Malaikat, tina cahaya.
Setan - Iblis, tina seuseu.
Manusa, tina taneuh (Adam -awalul basyar- as.) | Bani adam (turunan-nana) tina saripati taneuh.
Jin, alam ruh. nu yakin mah bisa nyebut yen jin teh manusa nu geus maot nu teu cumpon kaalusan didunya. tapi ketang kumaha we.
======
Tong sieun disebut malaikat ku harewos nu eta teh ilham tea. Mun anjeun yakin mah nu kitu ge wahyu ngarana, da yakin jeung Allohna.
Ari Alloh tatkala nyarita jeung manusia boga 3 carana:
1. wahyu, kalam khofi, kalam sir, hatip (sora tanpa tininggalan)
2. satukangeun hijab, kumaha we eta mah.
3. ngutus rosul, arek ruk, arek malaikat.
===
tiluwan-nana, mun yakin jeung Allohna maka jadi wahyuna.
Ku wahyu (1), Alloh ngawahyuan, ngajak nyarita.
ku satukangeun hijab (2), Alloh nyarita.
ku rosul nu diutus (3), Alloh mere carita, atanapi boa menta carita.
===
buktina malaikat, lamun anjeun dina mangsa nampi harewos ujug-ujug papanggih jeung, boa nu geus maot (bari anjeun inget), boa jalma anyar pinanggih (dina harewos: ieu kula, | atawana: tah eta, | atawana naon bae....), Sing emut, da Alloh anu tiasa ngahirupkeun sareng ngamaotkeun.

Naha nu maot dihijikeun jeung urang?
atanapi urang dihijikeun jeung nu maot?
Naha urang ahli bumi di ka langitkeun?
Naha itu ahli langit di ka bumikeun?
Sing emut, da Alloh anu ngagaduhan karajaan langit jeung bumi.

Naha nu maot di narakana? -ampun.... palias.
Mun kitu mah urang teh dihijikeun dina naraka.
Tong ditekadkeun kitu!!!, nya saha nu hayang hirup dina naraka? Palias.

Naha nu maot di surgana? -hoyooong....[ku sora rintih, lain ngalengis tapi meredih... eengh... atuh]
Mun kitu mah urang teh dihijikeun dina surga.
Tekadkeun!!!, da urang hayang hirup bagja teh sa'iidun fiddunya wa sa'iidun fil aakhiroh.
Da surgana Alloh saluas langit jeung bumi.

Lamun urang ahli bumi diasupkeun ka surga ku Alloh, dihijikeun jeung ahli langit (nu tos parupus-padahal mah hirup payuneun Alloh.), keun bae, mung kade [ngaharewos: amal ibadah pertahankeun, mun henteu.....ah duka ah, alim janten ahli naraka. tapi pan hirup keneh, sok loba gogoda.]

Lamun itu ahli langit diasupkeun ka surga ku Alloh, dihijeun jeung ahli bumi (urang nu masih keneh hirup), yakinkeun bae!!! mung kade, hirup tetep pangujian.
dibarengan ku menta, hirup abdi mugian pinuh ku paparinan.

Maha suci, gusti Alloh pangeran abdi.
Wassalam.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

×
Judul