DRgrtea

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

Kamis, 07 April 2022

Jin

Jin
Makhluk Alloh anu pernah ngahiji jeung anjeun.

Pernah ngahiji iraha?

Nya kamari memeh anjeunna dikubur dikurebkeun.

Saha kitu? saha karah?

Nya duka....
indung anjeun?
bapa anjeun?

aki, nini anjeun?

emang, bibi, ua-ua?

Naha siah make bet boga tekad kitu.

da sabab Alloh ngetang kana tekad anjeun.

mangsana anjeun ngaku kana yen aya alam ghaib.

nu maot disholat ghaibkeun
geus kitu dikubur, dighaibkeun ku cara diruang ku taneh.

da ari nu iman ka Alloh mah
boa isuk geto dikaluarkeun dina maot kana hirup (Yukhrijul hayya minal mayyiti)

sakumaha anjeun, urang nu hirup
boa isuk geto dikaluarkeun diluhur taneuh
diasupkeun ka jero taneuh ku jadi maot (Yukhrijul mayyiti minal hayyi)

Terus tekad nu mana.... aranjeunna make bet jadi jin.
tekad anu....
anjeung diharewosan, anjeun dibejaan make bet....
lain sia mah syetan,
anjeun mah iblis,
enya ge sora apa kuring, sora ema kuring....
ema, apa mah tos maot.

marukan nu maot bisa nyarios teras kadangu......
nya ari teu diwidian ku Alloh mah moal.
upami ujug-ujug kadangu? 
nya muhun..... diwidian ku Alloh.


وَمَا يَسْتَوِي الْأَحْيَاءُ وَلَا الْأَمْوَاتُ ۚ إِنَّ اللَّهَ يُسْمِعُ مَن يَشَاءُ ۖ وَمَا أَنتَ بِمُسْمِعٍ مَّن فِي الْقُبُورِ (22)
teu sami, nu maot sareng nu hirup
satemena Alloh mere dangu ka saha bae nu Alloh karep.
jeung deuih, anjeun moal bisa mere denge kanu dikubur....


kieu....
upami aya nu kadangu... bisikan.... sora anu urang kenal,
upami tos sora nu kenal, teras weh urang teh nyebut-nyebut anu kantos pakuat pakait.... 
maka geleter rasa... oh si anu (da kenal jeung ema, da kenal jeung bapa)

anjeun ngadangu.... eta widi alloh....
anjeun ngawaler, ku nyentak? ku nyarekan? ku nyisia.....

itu teh males.... nyentak deui.... nyarekan deui.... nyisia deui.... naha....

anjeun nu mere denge kanu dikubur? sanes....... Alloh ngawidian dugina eta sora...

Anjeun diwidian ngadangu.... nu maot oge diwidian ngadangu.......
ngan kusabab anjeun make bet nyebut.... aduw... musuh
yen sora ema teh, yen sora apa teh..... iblis, atanapi setan....

nya ku Alloh diupahan..... tos tos.... we.... ken we....

Kieu ayeuna mah....
Upami aya soanten nu tos pupus
eh ketang, bahasakeun tos diwidian hirup deui.
(yakinkeun..... ema, apa, atanapi nu kantos hirup jeung urang teh percanten ka Alloh.
nya ku Alloh teu disia-sia kapercantenanana nya dihirupkeun weh)

tah.... upami kitu teh....
anjeun ngadangu.... ema, apa....
sebatkeun...
Ya Alloh....
Anjeunna malaikat hafadloh abdi....
nu  nyetorkeun amal dina wengi jum'atna.....
sareng deui.... 
Gusti, hapunten abdi, sumputkeun awos abdi, ya sattar, ya ghoffar....
tong katohyan ku anjeunna, ku ema sareng ku apa....

naha make bet kitu.....
nya mangga....
abdi hirup, aranjeunna tos pupus
benten anu hirup sareng nu pupus
eta teh tina jihat abdi, makhluk gusti
ari ti jihat Salira Ku Anjeun mah....
abdi dihijikeun,
nya mangga...... da teu aya sekat, 
antara maot jeung hirup
da Gusti, Salira Ku Anjeun nu ngagaduhan duanana, hirup jeung maotna.

abdi ayeuna dikempelkeun....
Ya Alloooooh..... (bari alon)
sanes jin, da....
itu mah, malaikat hafadlooooooh (bari dialeu-aleu.....)

Ya Alloh....
muuuuah..... da mun seug ngadohir damis nu bathin, dan diengo... dicium.... muuuah.... hihihihi.

mayunkeun lambeuyna.... bayangkeun lafadz Alloh (الله)
atanapi.... tulis ku curuk lafadz Alloh (الله)
tos kitu... isyarat nyium.....

Nuhun........
sakali deui ach..... engo, cium, kising,....
muah..... sun tebih.... tapi da caket... ti abdi urang sunda.
da tangtos abdi moal tiasa kieu, upami sanes haol sareng quwwah Gusti,
abdi moal tiasa kieu, upami sanes hidayah Gusti.
katiasa abdi paparin Gusti
لا حول ولا قوة الا بالله العلي العظيم
ان الهدى هدى الله
الحمد لله الذى هدىنا لهذا وما كنا لنهتدي لولا ان هدىنا الله
سبحانك لا علم لنا الا ما علمتنا انك انت العليم الحكيم

Setan

Setan
Setan teh makhluk nu sok miwarang awon.

Setan aya dua....
(1) Setan teh ruh batur nu baheulana sok miwarang awon, eta ruh ku Alloh diangge dina ilham fujur.
      Da moal aya ruh nu balageur ujug-ujug miwarang awon, sok sanaos dialam ruh.
      Panolakan sanes ku sentakan, tapi......
      Upami miwarang awon bales/waler ku urang miwarang sae ka anjeunna.
      Misal,
      (bisikan) hey.... zina!!! - piwarang awon eta ilham fujur, setan nu diwidian ngandikana.
      (waleran urang) ..... eehhhh..... alim ah. dosa. Eta anjeun hey (pangersa setan) make bet liwat batas miwarang abdi kana kaawonan, sok padahal abdi teh kedah midamel kasaean.
      awas.... ku abdi dibales,
      Anjeun geus liwat batas ku miwarang awon... ku abdi dibales ku piwarang sae.... hayoh kadinyah istighfar.... nyuhunkeun hapunten ka Alloh.


Wawartos ka Alloh....
Ya Alloh,
yeh aya setan nu miwarang abdi zina, nu miwarang abdi awon.
(bari ngagereyem..... noroweco sorangan.....: sok padahal eta setan, upami piwarang awonna dilampah ku abdi.... anjeuna mah cuci tangan, cariosna mangsa dilepatkeun teh..... ehh.... jelema, kaula bebas ti anjeun, naha atuh make bet nurut, da kaula mah sieun ku Alloh.)
انى بريئ منك  انى اخاف الله رب العالمين
ku abdi teh diantep bae....
Gusti.... abdi lubar ti anjeunna, abdi lubar ti setan, tina piwarangna
Abdi sieun ku bebendon salira Gusti, Pangeran abdi.

Setan nu miwarang awon, ku abdi dibales ku dipiwarang sae. ku abdi dipiwarang istighfar. ku abdi dipiwarang wudlu.

abdi moal nyuhunkeun hapunten kangge anjeunna, da Salira ku Anjeun tos ngemutan abdi ku dawuhna...
"sanaos anjeun mang mentakeun hampura nepika 70 kali oge da moal dihampura, moal,  moal"

(gening.... da sanes Salira Gusti ku anjeun teu ngahapunten, mung si itu nyembahna ka saha, sareng percantenna kasaha, janten weh pasalingsingan.)

Nuhun....
muah..... sun tebih.... tapi da caket... ti abdi urang sunda.
da tangtos abdi moal tiasa kieu, upami sanes haol sareng quwwah Gusti,
abdi moal tiasa kieu, upami sanes hidayah Gusti.
katiasa abdi paparin Gusti
لا حول ولا قوة الا بالله العلي العظيم
ان الهدى هدى الله
الحمد لله الذى هدىنا لهذا وما كنا لنهتدي لولا ان هدىنا الله
سبحانك لا علم لنا الا ما علمتنا انك انت العليم الحكيم

Sareng deuih....
emut kana piwuruk mubaligh....
aya nu maksiat, pupus, turunanana make bet sholeh saterasna nyapa'atan.

bagea turunana nu tos janten safa'at.....
sahingga kasaenana dimanfaatkeun teu disia-sia....
itu ruh nu boa kuduna disentak-disengor teh, make jol.... dilelemu...
sadaya-daya gusti.... Salira ku anjeun Muqollibul qulub....

muhun atuh.... abdi ge kitukeun....
turunan abdi sing saloreh.
Amin.

Iblis

Iblis

Iblis teh nyaeta nu kudu dititah sujud 
Mangsana urang dipaparinan kasempatan
Dihijikeun ku Alloh ngadangu tanpa tininggalan.

Kumaha carana?

Tong waka nyebut Iblis samemeh disebut iblis. Tegesna mah sebutan iblis teh sanes tina lisan urang tapi tina pangdangu.
Ari anu janten margi, (1) pangdangu mangrupi widi Alloh, (2) upami aya nu nyarios (ruh atanapi malaikat) diwidian ku Alloh nu sifat Rohman.
ان الله يسمع من يشاء
لا يتكلمون الا من اذن له الرحمن

Kawitan ngadangu mah
Sing tenang,
Ya Alloh nampi widi abdi ngadangu
Ya Alloh abdi nampi
Allohkeun heula
Allohkeun heula
Allohkeun heula.

Ngabisik awon.....
Waler:"""""
Ah eta mah Ilham  fujur
Abdi moal nurut"""""

Ngabisik sae.....
Waler:""""
Nuhun tos ngawartosan
Mung bae abdi moal tiasa,
Hatur nuhun.
Salira ulah maksa...
Upami maksa, abdi bade wawartos ka Alloh SWT Dzat anu henteu maksa....
لا يكلف الله نفسا الا وسعها

Ya Allooooh..... (sanes ku nyorowok, tapi ku alon)
Itu tuh aya makhluk Gusti anu maksa abdi, cobiiiii.....
Ah moal diwaro, sanes kumargi abdi teu ngahormat makhluk Gusti anu parantos teu disia-sia kasaeannana ku Gusti, namung bilih abdi teu tiasa dawam.
Nuhun.

Nabi dan Rosul

Nabi dan Rosul

Anjeun percanten kana yen bisikan teh,
yen anu katampi teh.... ti Alloh,
bahkan Alloh ku Anjeun....
Mangsana nampi bisikan..... Anjeun nabi.... enggal tampi.

Kanabian sanes tina lisan urang......
tapi kanabian tina pangdangu nu urang yakin,
pangdangu eta widi alloh.
nya ku Alloh ku Anjeun.
eta mah tos diyakinkeun kitu..... make bet dimakhlukkeun.....
nya mangga, 
da sadayana aya dina pangurusan Alloh.

Malaikat

Malaikat

Malaikat, eta teh makhluk Alloh
Sakali deui, MAKHLUK ALLOH
anu diciptakeun tina nur (cahaya)

Cahaya naon?
Cahaya amal anjeun hey manusa.

Hey manusia, 
anjeun maot,
Anjeun alus amalna

Maka anjeun, boa jadi malaikat.

Kumaha upami...
Aya bisikan,
"Hey manusia, anjeun malaikat!"

Tong ditolak,
Muhunkeun.

Bahasa nu katampi kapungkur
Nuju ngaos.
Saur guru, """"
Jang,
Iman teh tiasa nambihan tiasa ngirangan
Nambihan ku taat,
Ngirangan ku maksiat.

Mangsana iman tambah ku taatna,
Boa ngelehkeun malaikat.
sabab anjeun ta'at bari aya nafsuan.

Mangsana iman lemah ku maksiat,
Ampun paralun, Ari dugika jadi 😈 setan atanapi iblis.'"'""

Kumaha atuh,
Upami bisikan nyebatkeun Anjeun malaikat.

Waler:""""
Ya Alloh, Gusti anu agung
Nuhun
Salira  ku Anjeun ngutus
Anu abdi teu terang duka saha,
Da Salira Ku Anjeun nu widi

Nampi abdi janteun malaikat Gusti,
Ku amal abdi, nu teu sapira.

Nuhun Gusti, parantos nampi amal abdi.
Mugia ulah udar deui.
Amin
""''''''

Kitu, atanapi kumaha we lah bahasana mah.



Bagea, anjeun nu nampi di-malaikat-keun.

tapi tong lali, Alloh ngagaduhan 4 malaikat nu janten pimpinan ti pirang-pirang malaikat.
Jabroil (jibril), Mikail, Isrofil, Izroil. 'alaihimussalam.

Wassalam.

Alloh

Alloh

Saha Alloh?
Kaula? Anjeun?
Sanes.

Alloh mah sahiji
Alloh mah teu bandingannana.

Alloh mah teu ngalahirkeun
Alloh mah teu dilahirkeun

Kaula, jeung Anjeun mah makhluk Alloh.

Makhluk dina letah Sunda jadi mangkeluk.

Hey mangkeluk, Alloh nu nyiptakeun anjeun.

Salian Alloh
Kabeh ge makhluk. 'alam (عالم)

عالم : كل ما سوى الله
'alam, sakabeh perkara nu aya salian Alloh.
bade malaikat nu diciptakeun tina cahaya,
bade setan nu diciptakeun tina seuneu
bade jalmi nu diciptakeun tina taneuh,
bade iblis, setan, ifrit......
ah sadayana, pokokna mah salian Alloh mah makhluk....
bade nabatat (tutuwuhan), bade jamadat (teuteuasan kayaning batu), bade hayawanat (sato-sato)....
bade naon bae... Salian Alloh eta Makhluk.
sadayana makhluk diurus ku Alloh.

Alloh.
Alloh Anu Maha Agung

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

×
Judul