DRgrtea

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

Senin, 10 April 2023

Mangsana Ngadu'a - Aya panas saligar awak.

Mangsana Ngadu'a - Aya panas saligar awak.
Sanes maksad ngarasula, ngeluh, tapi seja ngawartosan.
Bilih dianggap ngarasula jeung ngeluh, baca....
وَلَا اَشۡكُو بَثِّى وَحُزۡنِى اِلَّا اِلىَ اللهِ
dumasar kana ayat:

﴿ قَالَ إِنَّمَا أَشْكُو بَثِّي وَحُزْنِي إِلَى اللَّهِ وَأَعْلَمُ مِنَ اللَّهِ مَا لَا تَعْلَمُونَ﴾
يوسف: 86]

======
Mangsana nuju amalan, ngawirid make bet panas badan....
Tong reuwas, da saur sasaha oge,
Upami wirid, hoyong nu tiis mah sholawat.
[tina hal ieu, sing faham.... boa aya wirid nu matak panas]
Panas, mangsa wiridan sanes pangheureuyan iblis atanapi syetan. Panas mangsa wiridan mangrupikeun ujian kasabaran ti Alloh SWT. bongan urang aya kahayang.

Bahasakeun kieu, mangsana datang panas kana awak, kana salira, kana badan.
  1. Gusti, Alloh Anu Agung, sadaya-daya.... abdi nampi kana hare-eng sanes wungkul dina taar, tapi oge dina anggota badan, anu abdi nampi pangajaran ti guru-guru, ieu awak, ieu badan teh paparinan, pamasihan, panitipan ti Salira Gusti. Nampi abdi kana dibersihan daki dholim tina diri, noda aniaya tina awak. Kiatkeun abdi.
Bahasakeun anu sanes....
  1. Gusti, emut kana piwuruk guru.... 
لََوۡ وُزِنَ إِيۡمَانُ أَبِيۡ بَكۡرٍ بِإيۡمَانِ أَهۡلِ الۡأرۡضِ لَرَجَحَتۡ كِفَةَ أَبِيۡ بَكۡرٍ

"Lamun seug iman Abu Bakar as. ditimbang -dibandingkeun- jeung ahli bumi, maka bakal unggul keneh iman Abu Bakar as."

Gusti, emh.... gening kieu, mizan Salira Ku Anjeun, Gusti Anu Maha Agung...
[Mangsana awak nuju karaos panas.... saligar awak, sok boa hoyong ibak teuleum dina bak]
Gusti, amalan abdi anu kieu, dimizan ku shohabatna Junjunan Ahmad Bin Abdilah, Bin Abdil Mutholib -Almushtofa ibnul kuroma- nyaeta sidi Abu Bakar Sidiq,
Abdi nampi, abdi percanten kana kabar anu dicandakna, yen Salira Ku Anjeung Alloh Sahiji anu asih anu nyaah.
Mugia amalan abdi nu hampang diabotkeun,
Mugia amalan abdi nu alit diageungkeun,
Mugia amalan abdi nu sakedik diseueurkeun,
Mugia amalan abdi nu songek ditambal, dimuluskeun,

Abdi nampi ku panas nu aya ayeuna....

Upami tea mah timbangan amal abdi, seueur dosana... hapunten!
Upami tea mah timbangan amal abdi, aya kasaeanana... lipat gandakeun!
Ya afuwwun ghofuur
Ya syakuurun Haliim

nampi abdi kana sagala rupina.

Cag.

Wassalam.

==================================================

Malam 20 Romadon 1444

 

 
 
 

 


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

×
Judul