DRgrtea

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

Jumat, 08 Desember 2023

Nampi Nubuwwah 2017 - Nampi Risalah 2019

Nampi Nubuwwah 2017 - Nampi Risalah 2019

Bisikan, wahyu diyakinkeun,

Yakin kalam Alloh-na

Kalam Alloh, mangrupi wahyu, min- waro- il hijab, yursilu rosuulan.

Nu nyebut iblis {diwaler: Iblis mah nuju sibuk sujud, margi kapungkur kantos nolak sujud}

Nu nyebut syetan (diwaler: Syetan mah dipayunan.... (dipiheulaan), sateu-acan syetan nyebat sieun ku Alloh, dipayunan ku .... (Ya Alloh, abdi lubar tina harewos -parentah- syetan, abdi sieun ku salira ku Anjeun)

Amalan dipertahankeun


Selasa, 21 November 2023

Siti Sarah Istri Ibrahim, Rodliyallohu Anha.

Siti Sarah Istri Ibrahim, Rodliyallohu Anha.
=======
Mangsa anom ngawidian
Caroge mangga ngawayuh
Tos sepuh dipaparinan
Kasaean henteu tambuh.

Jumat, 29 September 2023

Papah Balya Ibnu Mulkan - Abu Nadl-dloor - Khidir a.s.

Papah Balya Ibnu Mulkan

Abul 'Abbas (Tukang merengut) - digentos ku abdi janten Abu Nadl-dlor (Tukang sumringah)

Khidir a.s ('alaihissalam)

==================

Balya - jama'na balaahii

Ibnu mulkan - 

(ibnu didieu teu pas dihartoskeun budak/anak,

rasa basa sunda/indonesia mah, sigana nu pasna mah ADI....)

kayaning Adikuasa.


=======

Adikuasa,

si kuasa teh lanceukna, kuasa itu kuasa ieu....

upami dongkap jalmi anu sagala kuasa, kuasa itu kuasa ieu, maka kaya kaya si kuasa teh lanceukna, manehna adina, nepika kaluar basa adikuasa (adi kuasa).

=======

Adidaya

si daya teh lanceukna, daya itu daya ieu....

upama datang hiji jalma atanapi hiji nagara, ngabogaan daya kitu daya kieu.... maka eta jalma atanapi eta nagara teh disebut si adidaya.

=======

Adiluhung

si luhung teh lanceukna, luhung ku elmuna, luhung ku akhlakna, luhung dina bandana.

euweuh deui bandingna piken si 'eta' dina kaluhungannana.

nepika disebut si eta mah si adiluhung.

=======

Ibnu mulkan - teu aya kecap-kecapan akhu shogir mulkan.

Alloh mere kakawasaan (karajaan -mulku) ka nabi khidir

mulku - karajaan , mulkan - loba karajaan nana, loba kakawasaannana

kawasa kana ngabongkar adat dunya, -khowariq, diantarana:

1. Parahu dibolongan da sabab piengke-eun, mun parahu teu dibolongan bakal digasab ku raja. ---Nyieun Alesan--- ku pibakaleun, anu sok padahal nu apal kana waktu pikahareupeun mah Alloh, kumaha Alloh we, kumaha takdirna Alloh.

(ngan alesan ieu ditarima ku Alloh, .... enya atuh mangga.... "Dasar si Ibnu Mulkan!")

2. Budak ditelasan, ku pedah kolotna sholeh, sieun ieu budak jadi lacut, ---Nyieun Alesan--- da sabab Alloh rek ngagantian ruhna eta budak jadi bageur. ( Alloh nga-enyakeun..... "Dasar si Ibnu Mulkan!")

3. Hiji gudang rek runtuh, ---{samemehna menta nyemah rek -mihapekeun beuteung- [sapertosna mah, tapi ditolak ku ahli lembur]---} eta gudang nu rek runtuh dibenerkeun, diajegkeun.

---- padahal mah menta buruh ----

---- ah, na da teu kudu menta buruh, sabab ieu gudang nu rek runtuh teh di handapna aya harta pependeman,  bobogaan dua budak pahatu lalis anu indung-bapana soleh. ---Nyieun alesan--- da sabab Alloh, engke bakal ngaluarkeun ieu harta pependeman lamun eta budak geus jalebrog, geus galede.

( Alloh nga-enyakeun..... "Dasar si Ibnu Mulkan!")

Ibnu Mulkan, Nabi Khidir 'alaihissalam.


Jumat, 23 Juni 2023

Pangalaman Baheula bahasa 40 dinten kamari langkung sakedik

Pangalaman Baheula bahasa 40 dinten kamari langkung sakedik

Disimpen dina WeATeA

Ah ayeuna mah urang Blogkeun.... HUDHUD AT-TWITTERI

=====

A
A
A
A
Buurika
Nampi Ilham, yakinkeun Allohna.
Sing tenang,
Tong ambek,
Tong apaleun sasaha oge,
Kekewek ku nyalira,
Disentak (ku sora tanpa tininggalan) seuri we, bari neda hapunten ka Alloh.
Baca ayatna, teras baca responna.
================##########
Dipiwarang sae, tolak ku bahasa anu halus, "hapunten, abdi bilih teu tiasa dawam"
================##########
Dipiwarang awon, (kayaning zina, maok, bohong), tolak ku bahasa anu leuleuy,
"Eh zina mah teu kengeng, mung upami mu'asyaroh sareng bojo mah halal."
"Eh maok mah teu kengeng, bilih dipotong panangan"
TOS KITU,
Nu miwarang awon, balas ku urang piwarang sae,
1 "Hey, istighfar anjeun!!!"
2 "Hey, wudlu anjeun!!!"
3 "Hey, sholat anjeun"
================##########
Upami teu tiasa mah, kiatkeun bae....
Upami aya rasa nu ngajurung ngahina Alloh, bacakeun:
"Alloh Pangeran Abdi, kasifatan ku sifat sampurna; dibersihkeun Tina sifat kakirangan."
================##########
Nuhun.
================##########
Sing emut,
Alloh sahiji.
Salian Alloh sadayana makhluk.
Mung bae...
Nu mulya mulyakeun.
Nu hina candak mulya.
======
Kamulyaan candak!
Kahinaan tolak!
======
Kamulyaan:
1. Anjeun Malaikat!
2. Anjeun Nabi!
3. Anjeun Rosul!
======
Kahinaan:
1. Anjeun Alloh! (Musyrik); hina.
2. Anjeun putra Alloh (musyrik); hina.
3. Anjeun iblis!;
4. Anjeun syetan;
================##########
Kamulyaan, nu mawa pasea:
Anjeun Nabi!
Anjeun rosul!

Tos kitu, ngarobih amal nu aya.
+++++++>

Ku kituna,
Upami tos nampi nubuwwah sareng risalah, lakukeun:
1. Wawartos ka jungjunan, Ahmad bin Abdillah bin Abdul Muthalib (Almushtofa Ibnul Kuromaa), "Jungjunan, urang silih bela payuneun Alloh."
2. Wawartos ka Alloh, "Ya Alloh, abdi nampi nubuwwahna, abdi nampi risalahna, mung syare'at amal cekap bae kunu aya."
================##########
Ngalap cekap ku amal nu aya, tong ngarobih:
1. Sholat, waktuna. 5
2. Sholat, rokaatna. 17.
3. Sholat, namina, Dhuhur-Ashar-Maghrib-Isya- Shubuh.
4. Kitab, Ayat Jeung surat (kajabi robih ujug-ujug. [WIOS DA ALLOH NU GADUH])
--- Nami kitab mah kumaha be, da seueur. [ALQURAN, ALFURQON, ASY-SYAIFA,srrd]
5. Masjidna
6. Kiblatna
7. Ngaran agamana, Islam.
8. Ngaran umatna, Muslim.
================##########
Tos kitu mah, nyumput bae saatos digembor-gembor dina awal nampi dangu.
LA HAULA WA LAA QUWWATA ILLA BILLAH.
================##########

Minggu, 11 Juni 2023

Nabiyulloh

Abdi Dudi Nabiyulloh
Rosululloh 2019

walaa fakhrooo
mutawadli'un bikum yaumal qiyamah
man amana bii.

===
abdi Harun di Musa.
Muhammad di Nabi Ahmad
Muhammad (Kapuji ==> midamel amal nyirian diri sangkan kapuji payuneun Alloh ku sakamampuan)

Nabi percanten kana kalam Alloh
Bisikan teh kalam Alloh
Alloh kalam eta mah bade
1. wahyuna
2. min waro-i hijab
3. yursilu rosuulan

kumana bae carana nu 3 nembe
naha dipisah-pisah
naha dihijikeun
naha dihiji-hiji

Mangga bae...
Alloh nu gaduh
irodah
Alloh nu gaduh
masyii--ah

Abdi nampi nubuwwah
Abdi nampi risalah

mung abdi bade mertahankeun amalan nu tos aya
ngagebleg
syar'u man qoblanaa.

bade nyumput bae dinu caang....


Abdi nabi walaa fakhro.

Abdi rosul
mutawadli'un bikum (man amana bi)
nu henteu, enya wios da saamalan,
saqiblat, samesjid

sareng deuih da rosul teu dinasakh.

Wassalam.

 

Jumat, 28 April 2023

HUD HUD AT-TWITTERI TEH MAKSADNA...

 HUD HUD AT-TWITTERI  TEH MAKSADNA...

Maksadna mah,
sagala rupa perkara nu aya di dunia browser, di dunia maya...
eta tiasa dijantenkeun HUDHUD.
Anapon twitter, da kumargi ieu nu gambar manuk apung-apungan.
Mangga bae pintonan
Perkawis KANABIAN, NUBUWWAH
tina bisikan, wahyu, sareng sajabina.



Senin, 10 April 2023

Mangsana Ngadu'a - Aya panas saligar awak.

Mangsana Ngadu'a - Aya panas saligar awak.
Sanes maksad ngarasula, ngeluh, tapi seja ngawartosan.
Bilih dianggap ngarasula jeung ngeluh, baca....
وَلَا اَشۡكُو بَثِّى وَحُزۡنِى اِلَّا اِلىَ اللهِ
dumasar kana ayat:

﴿ قَالَ إِنَّمَا أَشْكُو بَثِّي وَحُزْنِي إِلَى اللَّهِ وَأَعْلَمُ مِنَ اللَّهِ مَا لَا تَعْلَمُونَ﴾
يوسف: 86]

======
Mangsana nuju amalan, ngawirid make bet panas badan....
Tong reuwas, da saur sasaha oge,
Upami wirid, hoyong nu tiis mah sholawat.
[tina hal ieu, sing faham.... boa aya wirid nu matak panas]
Panas, mangsa wiridan sanes pangheureuyan iblis atanapi syetan. Panas mangsa wiridan mangrupikeun ujian kasabaran ti Alloh SWT. bongan urang aya kahayang.

Bahasakeun kieu, mangsana datang panas kana awak, kana salira, kana badan.
  1. Gusti, Alloh Anu Agung, sadaya-daya.... abdi nampi kana hare-eng sanes wungkul dina taar, tapi oge dina anggota badan, anu abdi nampi pangajaran ti guru-guru, ieu awak, ieu badan teh paparinan, pamasihan, panitipan ti Salira Gusti. Nampi abdi kana dibersihan daki dholim tina diri, noda aniaya tina awak. Kiatkeun abdi.
Bahasakeun anu sanes....
  1. Gusti, emut kana piwuruk guru.... 
لََوۡ وُزِنَ إِيۡمَانُ أَبِيۡ بَكۡرٍ بِإيۡمَانِ أَهۡلِ الۡأرۡضِ لَرَجَحَتۡ كِفَةَ أَبِيۡ بَكۡرٍ

"Lamun seug iman Abu Bakar as. ditimbang -dibandingkeun- jeung ahli bumi, maka bakal unggul keneh iman Abu Bakar as."

Gusti, emh.... gening kieu, mizan Salira Ku Anjeun, Gusti Anu Maha Agung...
[Mangsana awak nuju karaos panas.... saligar awak, sok boa hoyong ibak teuleum dina bak]
Gusti, amalan abdi anu kieu, dimizan ku shohabatna Junjunan Ahmad Bin Abdilah, Bin Abdil Mutholib -Almushtofa ibnul kuroma- nyaeta sidi Abu Bakar Sidiq,
Abdi nampi, abdi percanten kana kabar anu dicandakna, yen Salira Ku Anjeung Alloh Sahiji anu asih anu nyaah.
Mugia amalan abdi nu hampang diabotkeun,
Mugia amalan abdi nu alit diageungkeun,
Mugia amalan abdi nu sakedik diseueurkeun,
Mugia amalan abdi nu songek ditambal, dimuluskeun,

Abdi nampi ku panas nu aya ayeuna....

Upami tea mah timbangan amal abdi, seueur dosana... hapunten!
Upami tea mah timbangan amal abdi, aya kasaeanana... lipat gandakeun!
Ya afuwwun ghofuur
Ya syakuurun Haliim

nampi abdi kana sagala rupina.

Cag.

Wassalam.

==================================================

Malam 20 Romadon 1444

 

 
 
 

 


Jumat, 31 Maret 2023

Ngabahasakeun: - Nuhun + Sami-sami

Ngabahasakeun: - Nuhun  + Sami-sami

============

emut kana ayatna:

وَمَا يَسْتَوِي الْأَحْيَاءُ وَلَا الْأَمْوَاتُ ۚ إِنَّ اللَّهَ يُسْمِعُ مَن يَشَاءُ ۖ وَمَا أَنتَ بِمُسْمِعٍ مَّن فِي الْقُبُورِ (22) 

Fatir : 22

 وَلَوْ عَلِمَ اللَّهُ فِيهِمْ خَيْرًا لَّأَسْمَعَهُمْ ۖ وَلَوْ أَسْمَعَهُمْ لَتَوَلَّوا وَّهُم مُّعْرِضُونَ (23) 

Al-anfal : 23

يَوْمَ يَقُومُ الرُّوحُ وَالْمَلَائِكَةُ صَفًّا ۖ لَّا يَتَكَلَّمُونَ إِلَّا مَنْ أَذِنَ لَهُ الرَّحْمَٰنُ وَقَالَ صَوَابًا (38) 
An-naba : 38
============
Di alam 'nyata' nu pada-pada boga jasad.
Kecap NUHUN dijawab SAMI-SAMI, dialam nyata nu pada-pada boga jasad.

Di alam 'nyata teu nyata' nu alakadar kadangu soantenna.
Kecap NUHUN dijawab ku bahasa....
(emut ka Alloh nu ngajantenkeun ngadangu [fatir: 22]; oge emut dipasihan dangu boa aya kasaean)
Dijawabna....
1. Tiasa langsung SAMI-SAMI, da nu nyarios eta teh makhlukna Alloh nu diwidian kalam (cacarios). Alloh nu ngawidianana eta ku Rohman-na Alloh. [An-naba: 38]
====+++++====
Teu kedah ngemutan, eta teh soanten saha, dimana, ... riweuh.
Anjeun ngemutan eta saha? nu mana rupana, nu iraha pendakna.
Anjeun ngemutan eta dimana? di-anu. jig anjeun indit, atanapi sok anjeun [kanu nyarios] datang.
+ Anjeun indit kudu boga duit, mun henteu, amalan! wiridan!. ah moal, abdi mah cekap we ngadu'a ka Alloh, saatos farduna.
+ Sok anjeun [kanu nyarios] datang. heug kaula datang, anjeun kudu nganterkeun kaula balikna. ah alim, sok atuh amalan. har...... alim ah, teu tiasa. Anjeun datang ku widi Alloh, Anjeun mulang, .... Ya Alloh, paparinan kakiatan anjeuna mulih. Poek, caangan; Seusah, rizkian; Nuhuuuuun.
====+++++====
2. Tiasa ku bahasa....
Gusti, Alloh anu agung.
Abdi emut, saha anjeunna
    +Anjeuna nu tos dikubur ku taneuh, berarti DIHIRUPKEUN deui.
    +Anjeuna nu masih keneh diluhur taneuh, dikubur ku jarak, berarti MASIH KENEH HIRUP.
    + "kitu sareng kieuna Salira Ku Anjeun nu ngawidian abdi ngadanguna".
    + "Salira ku Anjeun ngadawuhkeun, nu maot benten sareng nu hirup".
    + "Salira ku Anjeun nu ngahirupkeun deui nu maot".
    + "Salira ku Anjeun nu ngamaotkeun anu hirup".
    + "Abdi nu hirup, teu aya basa menta maot; paoskeun nyuswa abdi, jembarkeun rezeki abdi; Panjangkeun seueurkeun! Amin.

Gusti, Alloh anu agung.
Anjeunna jalmi bageur (puji heula, mh...mh... kayungyun nu teu disia-sia kasaeanana. bagea diwidian nyarios)

Gusti, Alloh anu agung.
Nuhun, Salira Ku Anjeun ngadiwian abdi ngadangu, gening ku ngetan yen Gusti uninga di abdi aya khoir, aya kasaean. Nuhuuun.

Gusti, Salira Ku Anjeun nu ngawidian abdi ngadangu, widian abdi didangu....
Salira Nganuhunkeun, ku abdi diwaler, sami-samiiiii.

Wassalam.

KELUARGA NABI DIHAMPURA UPAMI TEU IKLAN | 01/04/2023 – 10/ROM/1444

KELUARGA NABI DIHAMPURA UPAMI TEU IKLAN  | 01/04/2023 – 10/ROM/1444

AT-TAGHOOBUN: 14

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا إِنَّ مِنْ أَزْوَاجِكُمْ وَأَوْلَادِكُمْ عَدُوًّا لَّكُمْ فَاحْذَرُوهُمْ ۚ وَإِن تَعْفُوا وَتَصْفَحُوا وَتَغْفِرُوا فَإِنَّ اللَّهَ غَفُورٌ رَّحِيمٌ (14)


Minggu, 26 Maret 2023

Saha Alloh? Robbul 'Alamin

Saha Alloh? Robbul 'Aalamin

Alloh anu ngurus sadaya 'alam.

Naon ari 'Aalam? kullu maa siwaahu

'Aalam, sagala rupa perkara salian ti Alloh.

=====

Jamadaat (abiotik)

Hayawanaat (biotik - makhluk hidup: manusia & binatang)

Nabataat (biotik - tumbuhan)

=====

'Aalam, sagala perkara anu salian ti Alloh.
Sagala rupa salian ti Alloh eta makhluk anu ciptakeun.
Diciptakeun ku Alloh SWT.
kayaning:
Malaikat, tina cahaya.
Setan - Iblis, tina seuseu.
Manusa, tina taneuh (Adam -awalul basyar- as.) | Bani adam (turunan-nana) tina saripati taneuh.
Jin, alam ruh. nu yakin mah bisa nyebut yen jin teh manusa nu geus maot nu teu cumpon kaalusan didunya. tapi ketang kumaha we.
======
Tong sieun disebut malaikat ku harewos nu eta teh ilham tea. Mun anjeun yakin mah nu kitu ge wahyu ngarana, da yakin jeung Allohna.
Ari Alloh tatkala nyarita jeung manusia boga 3 carana:
1. wahyu, kalam khofi, kalam sir, hatip (sora tanpa tininggalan)
2. satukangeun hijab, kumaha we eta mah.
3. ngutus rosul, arek ruk, arek malaikat.
===
tiluwan-nana, mun yakin jeung Allohna maka jadi wahyuna.
Ku wahyu (1), Alloh ngawahyuan, ngajak nyarita.
ku satukangeun hijab (2), Alloh nyarita.
ku rosul nu diutus (3), Alloh mere carita, atanapi boa menta carita.
===
buktina malaikat, lamun anjeun dina mangsa nampi harewos ujug-ujug papanggih jeung, boa nu geus maot (bari anjeun inget), boa jalma anyar pinanggih (dina harewos: ieu kula, | atawana: tah eta, | atawana naon bae....), Sing emut, da Alloh anu tiasa ngahirupkeun sareng ngamaotkeun.

Naha nu maot dihijikeun jeung urang?
atanapi urang dihijikeun jeung nu maot?
Naha urang ahli bumi di ka langitkeun?
Naha itu ahli langit di ka bumikeun?
Sing emut, da Alloh anu ngagaduhan karajaan langit jeung bumi.

Naha nu maot di narakana? -ampun.... palias.
Mun kitu mah urang teh dihijikeun dina naraka.
Tong ditekadkeun kitu!!!, nya saha nu hayang hirup dina naraka? Palias.

Naha nu maot di surgana? -hoyooong....[ku sora rintih, lain ngalengis tapi meredih... eengh... atuh]
Mun kitu mah urang teh dihijikeun dina surga.
Tekadkeun!!!, da urang hayang hirup bagja teh sa'iidun fiddunya wa sa'iidun fil aakhiroh.
Da surgana Alloh saluas langit jeung bumi.

Lamun urang ahli bumi diasupkeun ka surga ku Alloh, dihijikeun jeung ahli langit (nu tos parupus-padahal mah hirup payuneun Alloh.), keun bae, mung kade [ngaharewos: amal ibadah pertahankeun, mun henteu.....ah duka ah, alim janten ahli naraka. tapi pan hirup keneh, sok loba gogoda.]

Lamun itu ahli langit diasupkeun ka surga ku Alloh, dihijeun jeung ahli bumi (urang nu masih keneh hirup), yakinkeun bae!!! mung kade, hirup tetep pangujian.
dibarengan ku menta, hirup abdi mugian pinuh ku paparinan.

Maha suci, gusti Alloh pangeran abdi.
Wassalam.

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

×
Judul