DRgrtea

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

Jumat, 31 Maret 2023

Ngabahasakeun: - Nuhun + Sami-sami

Ngabahasakeun: - Nuhun  + Sami-sami

============

emut kana ayatna:

وَمَا يَسْتَوِي الْأَحْيَاءُ وَلَا الْأَمْوَاتُ ۚ إِنَّ اللَّهَ يُسْمِعُ مَن يَشَاءُ ۖ وَمَا أَنتَ بِمُسْمِعٍ مَّن فِي الْقُبُورِ (22) 

Fatir : 22

 وَلَوْ عَلِمَ اللَّهُ فِيهِمْ خَيْرًا لَّأَسْمَعَهُمْ ۖ وَلَوْ أَسْمَعَهُمْ لَتَوَلَّوا وَّهُم مُّعْرِضُونَ (23) 

Al-anfal : 23

يَوْمَ يَقُومُ الرُّوحُ وَالْمَلَائِكَةُ صَفًّا ۖ لَّا يَتَكَلَّمُونَ إِلَّا مَنْ أَذِنَ لَهُ الرَّحْمَٰنُ وَقَالَ صَوَابًا (38) 
An-naba : 38
============
Di alam 'nyata' nu pada-pada boga jasad.
Kecap NUHUN dijawab SAMI-SAMI, dialam nyata nu pada-pada boga jasad.

Di alam 'nyata teu nyata' nu alakadar kadangu soantenna.
Kecap NUHUN dijawab ku bahasa....
(emut ka Alloh nu ngajantenkeun ngadangu [fatir: 22]; oge emut dipasihan dangu boa aya kasaean)
Dijawabna....
1. Tiasa langsung SAMI-SAMI, da nu nyarios eta teh makhlukna Alloh nu diwidian kalam (cacarios). Alloh nu ngawidianana eta ku Rohman-na Alloh. [An-naba: 38]
====+++++====
Teu kedah ngemutan, eta teh soanten saha, dimana, ... riweuh.
Anjeun ngemutan eta saha? nu mana rupana, nu iraha pendakna.
Anjeun ngemutan eta dimana? di-anu. jig anjeun indit, atanapi sok anjeun [kanu nyarios] datang.
+ Anjeun indit kudu boga duit, mun henteu, amalan! wiridan!. ah moal, abdi mah cekap we ngadu'a ka Alloh, saatos farduna.
+ Sok anjeun [kanu nyarios] datang. heug kaula datang, anjeun kudu nganterkeun kaula balikna. ah alim, sok atuh amalan. har...... alim ah, teu tiasa. Anjeun datang ku widi Alloh, Anjeun mulang, .... Ya Alloh, paparinan kakiatan anjeuna mulih. Poek, caangan; Seusah, rizkian; Nuhuuuuun.
====+++++====
2. Tiasa ku bahasa....
Gusti, Alloh anu agung.
Abdi emut, saha anjeunna
    +Anjeuna nu tos dikubur ku taneuh, berarti DIHIRUPKEUN deui.
    +Anjeuna nu masih keneh diluhur taneuh, dikubur ku jarak, berarti MASIH KENEH HIRUP.
    + "kitu sareng kieuna Salira Ku Anjeun nu ngawidian abdi ngadanguna".
    + "Salira ku Anjeun ngadawuhkeun, nu maot benten sareng nu hirup".
    + "Salira ku Anjeun nu ngahirupkeun deui nu maot".
    + "Salira ku Anjeun nu ngamaotkeun anu hirup".
    + "Abdi nu hirup, teu aya basa menta maot; paoskeun nyuswa abdi, jembarkeun rezeki abdi; Panjangkeun seueurkeun! Amin.

Gusti, Alloh anu agung.
Anjeunna jalmi bageur (puji heula, mh...mh... kayungyun nu teu disia-sia kasaeanana. bagea diwidian nyarios)

Gusti, Alloh anu agung.
Nuhun, Salira Ku Anjeun ngadiwian abdi ngadangu, gening ku ngetan yen Gusti uninga di abdi aya khoir, aya kasaean. Nuhuuun.

Gusti, Salira Ku Anjeun nu ngawidian abdi ngadangu, widian abdi didangu....
Salira Nganuhunkeun, ku abdi diwaler, sami-samiiiii.

Wassalam.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

×
Judul